Salin Artikel

10 Ucapan Selamat Idul Fitri 1444 H dalam Bahasa Sunda

KOMPAS.com - Kementerian Agama (Kemenag) RI telah mengumumkan hasil Sidang Isbat yang menetapkan Idul Fitri 1 Syawal 1444 H jatuh pada Sabtu, 22 April 2023.

Hal ini disampaikan secara langsung oleh Menteri Agama (Menag) RI, Menteri Agama (Menag) Yakut Cholil Qoumas, Kamis (20/4/2023). Sebelumnya, Kemenag telah melakukan pemantauan posisi hilal (bulan baru) di 123 wilayah di Indonesia.

Ucapan selamat Idul Fitri dalam bahasa Sunda

Salah satu kebiasaan yang tak terlewatkan dalam perayaan Idul Fitri adalah bertukar ucapan selamat hari raya dengan teman, keluarga, rekan kerja, dan lain-lain.

Bagi sebagian orang, mengirim ucapan selamat Idul Fitri dalam bahasa daerah mungkin terasa lebih akrab, hangat, dan personal.

Melansir Tribun Priangan, Kamis (13/4/2023), berikut adalah beberapa ucapan selamat Idul Fitri 1444 H dalam bahasa Sunda.

1. Bilih kantos kasisit ati, kapancah kalengkah ucap, kajenggut kababuk catur, tawakufna nu kasuhun. Hapunten sadaya kalepatan. Wilujeng boboran siam 1444 H. Ja'alanallahu minal aidin wal faizin.

 2. Ngeunteung na raga katineung, nyaliksik diri ngarampa dada bari reureuh milang dosa, breh bulan pangharepan geus lekasan poe fitri nembongan. Wilujeng boboran siam 1444 H, neda sihapunten.

3. Wilujeng boboran siam 1444 H. Ja'alanallahu minal aidin wal faizin. Mugi barokah Ramadan nuyun lakuning lampah urang dina enggoning nyorang sawelas sasih anu bakal karandapan.

4. Wening galih nu dipamrih, jembar manah nu dipiwegah. Wilujeng boboran siam 1444 H, kalayan neda dihapunten tina samudayaning kalepatan.

5. Taya basa nu bisa direka, taya saur nu bisa jadi pangjajap catur, lintang ti kedalna ucapan “wilujeng boboran siam 1444 H” neda dihapunten lahir tumekaning batin.

6. Bilih aya tutur saur nu teu kaukur, reka basa nu matak nyugak kana manah, laku lampah nu teu merenah, neda sih hapunten tina samudaya kalepatan lahir sinareng batin. Wilujeng boboran siam 1444 H.

7. Upami manah saindah cahaya bulan, enggal hiasan ku bentang kaimanan. Upami manah saputih awan, kade tong sampe ngahalangan panon poena taqwa.

Sim kuring ngedalkeun, ja'alanallahu minal aidin wal faizin. Wilujeng boboran, sim abdi nyuhunkeun dihapunten lahir seinareng batin.

8. Khilaf sareng ngalantur etateh nu janten sipatna abdi, ari nyuhunkeun panghampura eta kawajiban abdi. Ngabersihkeun hate tina sagala dosa eta anu jadi tujuan abdi.

Dina dinten nu fitrah ieu kalawan rendahning ati sim abdi ngahaturkeun, ja'alanallahu minal aidin wal faizin. 

Wilujeng boboran, sim abdi sakulawargi nyuhunkeun dihapunten lahir seinareng batin.

9. Batin nu usik nyaliksik diri, bilih kasabit kaciwit ati, karumpak ungkara basa. Kadudut kalindu qalbu, mugia rido galih jembar pangampura tina samudayaning kalepatan.

Wilujeng boboran siam 1444 H. Hapunten samudaya kalepatan.

10. Bilih aya langkung saur bahe carek kaciwit kulit kabawa daging. Tunggul dirurud catang dirumpak, nyungkelit ati teu genah manah, mundut pangampura.

Wilujeng boboran siam 1444 H. Ja'alanallahu minal aidin wal faizin. 

https://bandung.kompas.com/read/2023/04/21/142922078/10-ucapan-selamat-idul-fitri-1444-h-dalam-bahasa-sunda

Baca berita tanpa iklan. Gabung Kompas.com+
Baca berita tanpa iklan. Gabung Kompas.com+
Baca berita tanpa iklan. Gabung Kompas.com+
Baca berita tanpa iklan. Gabung Kompas.com+
Close Ads
Bagikan artikel ini melalui
Oke