Baca berita tanpa iklan. Gabung Kompas.com+

30 Ucapan Selamat Hari Raya Idul Fitri dalam Bahasa Sunda

Kompas.com - 13/04/2023, 18:51 WIB
Puspasari Setyaningrum

Editor

11. Wilujeng boboran siam. Kedaling rasa nu pinuh ku bangbaluh hate, urang lubarkeun, ngawengku pinuh ku nyuuh, meungpeung wanci can mustari.”

12. Sugrining runtah kalepatan dina manah, nyeri peurihna ati sanubari, mugia lubar ku silaturahmi. Wilujeng boboran siam 1444 H. Taqqobalallahu minaa waminkum.

13. Galindengna takbir lebaran sapeupeuting, bet asa ngageurihan hate. Ras inget kana salah jeung dosa papada urang. Wilujeng boboran siam 1444 H, Minal aidin wal faidzin.

14. Kedaling rasa nu pinuhku bangbaluh hate, urang lubarkeun, ngawengku pinuh ku nyuuh, meunpeung wanci can mustari.

15. Bersih galih nu dipamrih jembar mana nu diseja mugi agung cukup lumur neda kana samudaya kalepatan lahir tumakaning batin, wilujeng boboran Siam.

16. Mugi cukup lumur jembar pangampura bilih aya bobo sapanon carang sapakan neda dihapunten samudaya kalepatan hapunten nu kasuhun.

17. Sugrining runtah kelepatan dina manah, nyeri peurihna ati sanubari, mugia lubar ku silahturahmi. Wilujeng boboran Siam 1444 H. Taqqobalallahu minna waminkum.

18. Mipit amit seja nurih kapeurih ati, Malah mandar lubar akar-akar angkara na satungkebing rasa. Ngala menta galura pangampura tina sagala lalampahan tur rumpaka nu ngagelar raheut manah. Taqqobalallahu Minna Wa Minkum, Shiyamana Wa Shiyamakum

19. Kaluluputan kalepatan simkuring sakulawargi. Wilujeng boboran siam nyuciken diri ka Illahi. Hampura diri ka Gusti Nu Maha Suci, Mugia dina ieu fitri, sungkem diri ngajadikeun jalmi nu fitri. Wilujeng boboran siam 1444 H.

20. Wilujeng Boboran Siam 1 Syawal 1443 H. Minal Aidin wal Faizin. Neda dihapunten tina samudaya kalepatan.

21. Upami Manah Saindah Cahaya Bulan, enggal hiasan ku bentang kaimanan, Upami Manah saputih awan. Kade tong sampe ngahalangan panon poena taqwa. Wilujeng boboran sim abdi nyuhunkeun dihapunten lahir seinareng bahin.

22. Khilaf sareng Ngalantur etateh nu janten sipatna abdi, ari nyuhunkeun panghampura eta kawajiban abdi. Ngabersihkeun hate tina sagala dosa eta anu jadi tujuan abdi. Dina dinten nu fitrah ieu kalawan rendahning ati sim abdi ngahaturkeun wilujeng boboran sim abdi sakulawargi nyuhunkeun dihapunten lahir seinareng batin.

23. Sadaya jalmi tiasa ngiring lebaran, Tapi teu sadaya jalmi tiasa ngiring Idul Fitri. Mugi urang kalebet jalmi nu tiasa ngiring Idul Fitri 1444 H ieu. Wilujeng boboran siam 1444 H. Hapunten samudaya kalepatan.

24. Batin nu usik nyaliksik diri, Bilih kasabit kaciwit ati, karumpak ungkara basa. Kadudut kalindu qalbu, Mugia rido galih jembar pangampura tina samudayaning kalepatan. Wilujeng boboran siam 1444 H. Hapunten samudaya kalepatan.

25. Bilih aya langkung saur bahe carek kaciwit kulit kabawa daging. Tunggul dirurud catang dirumpak, Nyungkelit ati teu genah manah, Mundut pangampura. Wilujeng boboran siam 1444 H. Taqqobalallahu Minna Wa Minkum, Shyiamana Wa Shyiamakum.

Halaman:
Video rekomendasi
Video lainnya


Baca berita tanpa iklan. Gabung Kompas.com+
Baca berita tanpa iklan. Gabung Kompas.com+
Baca berita tanpa iklan. Gabung Kompas.com+
komentar di artikel lainnya
Baca berita tanpa iklan. Gabung Kompas.com+
Close Ads
Bagikan artikel ini melalui
Oke
Login untuk memaksimalkan pengalaman mengakses Kompas.com