26. Ngahaturkeun wilujeung boboran siam 1 Syawal 1444 H. Bilih kantos nyungkelit dina ati, tugenah dina manah, kasiku tutur, katajong omong ku pribados. Mugia rido ngahapunten samudaya kalepatan. Taqqobalallahu minna wa minkum, Shyiamana wa shyiamakum
27. Taya basa nu bisa direka, Taya saur nu bisa jadi pangjajap catur. Lintang ti kedalna ucapan “Wilujeng boboran Siam” neda dihapunten lahir tumekaning batin.
28. Cai soca teu kariksa, raheut manah nu teu kahaja, mugi janten pangampura ucap lampah nu teu kajaga tur samudaya kalepatan. Wilujeng boboran siam 1444 H. Minal aidin wal faidzin, Neda sihapunten lahir sinareng batin.
29. Hiliwir angin takbir sabada saum akhir, neda sihapunten tina sadaya kalepatan. cuang setrakeun karungsing ku cihampura nu wening, Saninten buah saninten, saninten di parapatan, hapunten abdi hapunten, tina samudaya kalepatan. Wilujeng boboran siam 1444 H.
30. Wilujeng boboran siam 1444 H. Taqabalallahu Minna Wa Minkum. Hapunten samudayaning kalepatan.
Sumber:jabar.tribunnews.com/2022 dan jabar.tribunnews.com/2021
Simak breaking news dan berita pilihan kami langsung di ponselmu. Pilih saluran andalanmu akses berita Kompas.com WhatsApp Channel : https://www.whatsapp.com/channel/0029VaFPbedBPzjZrk13HO3D. Pastikan kamu sudah install aplikasi WhatsApp ya.